Sony Xperia Z3 Plus - Sababaraha akun pamake

background image

Sababaraha akun pamake

Alat Anjeun ngarojong sababaraha akun pamake supados pamake sejen tiasa asup

sacara papisah ka alat tur make alat eta. Sababaraha akun pamake bakal guna dina

67

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

kaayaan Anjeun sering ngabagi pake alat nu sarua jeung jelema sejen atawa

nginjeumkeun alat Anjeun sakeudeung ka jelema sejen. Pamake nu nyetel alat pang

mimitina bakal jadi pamake nu gaduh alat eta. Ngan nu boga nu bisa ngatur akun

pamake sejen. Salain ti akun nu boga, aya dua jinis akun nu beda:

Pamake Biasa: Jinis akun ieu cocog jang jelema nu osok make alat Anjeun.

Pamake Tamu: Aktipkeun pilihan akun tamu jang jelema nu ngan sakeudeung nginjeum

alat Anjeun.

Sababaraha fitur ngan sadia kanggo nu gaduh alat. Contona, ngan nu bogana nu bisa ngidinan

ngundeur tina sumber salain ti Google Play™.

Ihwal akun Pamake Biasa

Lamun Anjeun nambahkeun akun Pamake Biasa, pamake eta bisa boga layar utama,

wallpaper, jeung setelan umum nu beda-beda. Pamake eta oge bakal boga akses misah

kana aplikasi tur panyimpenan memori jang payil sapertos musik jeung poto. Anjeun bisa

nambahkeun nepi ka tilu akun pamake biasa dina alat Anjeun.

Jang nambahkeun akun pamake biasa

1

Pastikeun anjeun tos asup sabage nu gaduh alat, nyaeta, pamake nu nyetel alat

pang mimitina.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make > Tambah nu make.

4

Ketok

OKE > SETEL AYEUNA. Layar konci jeung ikon ngalambangkeun pamake

nu anyar ditambahkeun katembong juru luhur bagean katuhu.

5

Buka konci layar, contona, ku cara ngagesek atawa ngasupkeun PIN Anjeun.

6

Turutan pituduh di layar jang ngarengsekeun prosedur.

Anjeun bisa oge nambahkeun akun pamake biasa tina bar status di layar mana wae. Sered

bae bar status ka handap make dua ramo terus ketok ikon pamake, terus ketok

Tambah nu

make.

Jang ngidinan pamake biasa nelepon jeung ngaSMS

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun ngaran pamake nu cocog, terus sered geseran di gigireun

Aktipkeun telepon & SMS ka katuhu.

Jang mupus akun pamake biasa tina alat Anjeun

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina

Layar mimiti, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun nami pamake nu Anjeun hoyong pupus, teras ketok

Pupus nu

make > Pupus .

Ihwal akun Pamake Tamu

Lamun aya nu hayang nginjeum alat Anjeun, Anjeun bisa ngaktipkeun akun tamu jang

manehna. Dina modeu tamu, alat Anjeun bakal hurung kawas anyar keneh jeung aplikasi

nu aya ngan aplikasi nu tos dipasang sateuacana. Lamun alat Anjeun geus rengse

diinjeum, Anjeun bisa mupus sesi pamakeanna jadi lamun aya nu nginjeum deui bakal

jiga anyar. Akun pamake tamu tos dipasang sateuacana tur teu bisa dipupus.

68

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Cara aktipkeun akun pamaké tamu

1

Pastikeun anjeun tos asup sabagé nu gaduh alat, nyaéta, pamaké nu nyetél alat

pang mimitina.

2

Tina layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make > Semah.

Anjeun bisa oge aktipkeun akun pamake tamu tina batang status di layar mana waé. Séréd

baé batang status ka handap maké dua ramo terus ketok ikon pamaké, terus ketok

Tambah

semah.

Jang ngidinan pamake tamu nelepon

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun

Semah, terus sered geseran di gigireun Aktipkeun telepon ka

katuhu.

Jang mupus data sesi tamu

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage pamake tamu.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Panggihan terus ketok

Pupus semah.

5

Ketok

Pupus.

Anjeun bisa oge mupus sesi pamake tamu tina bar status di layar mana wae. Sered bae bar

status ka handap make dua ramo terus ketok ikon pamake, terus ketok

Pupus semah.

Pindah antawis sababaraha akun pamake

Jang pindah antawis sababaraha akun pamake

1

Jang nempo daptar pamake, sered bar status ka handap make dua ramo, terus

ketok ikon pamake dina layar katuhu bagean luhur.

2

Ketok ikon ngalambangkeun akun pamake nu hayang dipake ku Anjeun.

3

Lamun akun na geus disetel make kecap akses, asupkeun kecap akses ieu jang

asup. Atawa, buka we konci layarna.

Lamun Anjeun hayang pindah kana akun tamu, ketok

Mimitian deui lamun Anjeun hoyong

mupus sesi samemehna atawa ketok

Enya, teruskeun jang neruskeun sesi samemehna.

Setelan pikeun sababaraha akun pamake

Aya tilu jinis setelan nu beda dina alat nu gaduh sababaraha pamake:

Setelan nu bisa dirobah ku pamake mana wae tur bisa mangaruhan kabeh pamake.

Contona kaasup basa, Wi-Fi, Modeu pesawat, NFC jeung Bluetooth®.

Setelan nu ngan mangaruhan hiji akun pamake. Contona kaasup nyingkronkeun data

otomatis, konci layar, nambahkeun sababaraha akun, jeung wallpaper.

Setelan nu ngan katingali ku nu boga na jeung bisa mangaruhan kabeh pamake,

contona, setelan VPN.

69

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.